NYAI PURBARARANG KACAPIT KEUYEUP

Nyai Purbararang Kacapit Keuyeup



Urang Nagara kabeh ancrub ka leuwi, panitahan Nyai Purba Rarang. Lauk geus beak, dihanca peutin Bujangga pikeun purakeun si Bungsu Nyai Purbasari. Karih keuyeup gagalacangan teh. Teu kuhanti, keuyeup asup kana jero sinjang Nyai Purba Rarang, asup ka Jero celepit nyapit. Nyi Purbararang nu galakna kabina-bina, anu ceuceub kanu jadi adi, estu putri barangasan taya kanyaah, harita ceurik sesegrukan, nyeri dicapit keuyeup.
Mama Lengser teu bisa walakaya, estuning bingung pilampaheun, teu wani ngodok sieun nyalahan.
Kitu tea na mah atuh pantes, Purbararang teh goreng ahlakna, galak kanu jadi adi, ngusir Purbasari ka leuweung ganggong, senah nyaung-nyaung sorangan, dumeh keuheul asa kalengkahan ku nu jadi adi. Estu cikal sarakah, hayang sagala gede, hayang sagala meunang, embung kasered ku nu jadi Adi. Teu weleh sirik teu weleh sombong. Adi sabageur-bageur digalakan disangsara kalayan nepi ka dek dibalas pati. Deudeuh teuing Nyai Purbasari anu geulis kawanti-wanti, kudu pasrah sumerah, ngalaksana pamenta lanceuk anu sarakah kabina-bina.
Leuh, asa inget kana carita baheula keur jaman SD, dipangdongengkeun ku Pak Guru. Kiwari manggih dipangdongengkeun deui ku Pak Ahmad Bakri dina bukuna " Sanghiyang Lutung Kasarung"
Previous
Next Post »
Thanks for your comment