TEORI BIG BANG DINA AL-QUR'AN

Teori Big Bang dina Al-Qur'an

"Naha jalma-jalma anu kalafir henteu narenjo yen langing jeung marcapada teh tadina mah ngahiji terus ku kami dipisahkeun? Jeung kami ngajadikeun saniskara nu hirup tina cai. Nya naha maranehna teh teu ariman?" (Q.S. Al-Anbiyya ayat 30)

Langit alam syahdan salah sahiji ti jumlah langit nu pirang-pirang lobana ngandung 100 miliar galaksi. Dina galaksi kabut susu aya 100juta planit, salah sahiji ti antarana nyaeta marcapada padumukan urang ayeuna. Sakabeh anu disebutan ieu teh numutkeun hipotesa para ahli, dina 15 milyar taun nu geus kaliwat, ngagebleg jadi hiji. Tah ieu dina ayat ieu, dawuhan Gusti Nu Maha Kawasa, eces ngebrehkeun langit jeung marcapada tadina memang ngahiji terus ku mantena dipisahkeun. Tah ieu teh ngandung harti yen nu dipisahkeun. Tah ieu teh ngandung harti yen anu dipisahkeun ti langit lain langit padumukan urang bae. Tapi oge planit-planit anu sejenna kaasup miliyar-milyar panon poe. Jeung satelit, nu bisa dibuktikeun sacara ilmiyah. 

Dina teori elmu pangaweruh modern mah muncratna langit jeung mangpirang-pirang bentang jarah teh disebut "Bigbang" (sora anu ngabeledug nu hebat taya papadana), sabada bigbang nya terus timbul milyaran galaksi. 



Dina satiap galaksi aya jutaan bentang jarah. Sanggeus kitu Gusti Allah ngayuga saniskara mahluk hirup tina cai. Lamun jalma-jalma nu kalafir jaman baheula teu daraekeun imam ka Gusti Nu Maha Kawasa, ku urang masih bisa dianggap rada pantes da alam pikiran maranehna masih kalangan lalangse poek mongkleng. Tapi sababna naon kaom kafirin jaman kiwari masih embung iman ka Gusti Allah padahal kakawasaan Mantenna teh geus bisa dibuktikeun sacara ilmyah?

(Diundeur tina buku Ayat Suci Lenyepaneun karangan Moh. E. Hasyim)

Previous
Next Post »
Thanks for your comment